Ceuk Urang…
Kamis, 27 Maret 2008
Ceuk urang kaler :
Pamingpin HADE ibarat pipa kapiler,
Nu ngalirkeun cai kahadean ka kidul ka kaler.
Jadi panggeuing mun da’i beuki ngagoler,
Mun geus loba da’i goler, kabutuh rakyat jd kaboler
Nagara aman katoler2, malah pamuda loba nu teler
Sangkan aman, milih da’i kudu HADE,
milih pamingpin ge kudu HADE!
Ceuk urang kidul :
Sangkan rakyat teu ngaredul, politisi teu loba wadul
Supados kaamanan moal amburadul, pamor da’i moal jamburaul.
Pajabat ge teu rarahul, pamingpin HADE kudu diqobul,
Ceuk urang kulon;
Loba da’i jiga bunglon, pajabat tur rahayat loba akon2
nagara aman sakadar jadi jargon, sabab HADE teu jadi papagon.
Ceuk urang wetan:
Sangkan rahayat teu barangasan, pajabat hirup basajan,
Aparat kaamanan teu papaseaan, nu karolot daek ngelehan
Nu ngora jadi wanian teu borangan, hirup tengtrem jadi udagan
Sejahtera jadi kanyataan, HADE mun gubernur Ahmad Heryawan.
Ceuk urang sisi:
Teu kaharti, loba kanyeri, hirup ngageuri, minyak kudu antri
Dahar ngan jeung teri, da’i teu nyantri, pajabat jeung rahayat pahiri-hiri, Pamingpin kudu ganti, pilih HADE nu nyantri, nyari jeung boga jati diri….
Seueur nu ngaharewos ka pribados,ti ngawitan anak kos,nu ngaronda di ungal pos, tukang bandros,dugiken ka tukang caos, malah provos, sadayana ngaharewos teu kahartos,teu aya buktos…tiasana ukur “dagang waos”, balukarna jadi koropos…Ari rek nyalonkeun deui kakara loba baksos…malah pura2 bageur ngabagi artos.. Tos sepuh mah kedah emut kana waktos hos, ka akherat teh butuh ongkos. Nu NGORA SIAP NGAGENTOS… Wilujeng nyoblos… HADE…euy!
(ti hadepisan.com)
Entry Filed under: Berita Media. .
2 Comments Add your own
Leave a Comment
Some HTML allowed:
<a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <cite> <code> <pre> <del datetime=""> <em> <i> <q cite=""> <strike> <strong>
Trackback this post | Subscribe to the comments via RSS Feed
1.
nina | Jumat, 28 Maret 2008 at 3:10 am
Waduh….biar kata orang Depok, gak ngerti ….ada terjemahannya?
2.
adimasmw | Sabtu, 29 Maret 2008 at 4:51 am
kalo diterjemahin jadi g pas gitu loh, punten ah mu ikut copas ya